YESAYA 12
12
Kidung pamuji sukur
1Pidatangeun mangsa jalma-jalma maruji sukur. Pujina:
”Abdi nyembahkeun puji, nun Pangeran!
Tadina abdi dibenduan, ayeuna dililipur.
Gusti henteu ngabenduan deui.
2Allah teh jurusalamet abdi.
Abdi moal gaduh kasieun, margi percaya ka Allah.
Pangeran nu maparin daya sareng tanaga,
anu jadi jurusalamet.
3Lir nu halabhab atoh mendak cai seger,
nya kitu umat Allah barungah waktu disalametkeun ku Allah.”
4Pidatangeun mangsa jalma-jalma maruji sukur. Pujina:
”Puji sukur ka Pangeran!
Lamun perlu ku pitulung, sambat Mantenna!
Caritakeun ka bangsa-bangsa, sagala damel-Na!
Caritakeun, kumaha agungna Mantenna!
5Puji ka Pangeran, reh Mantenna geus midamel hal-hal anu ajaib,
sakuliah jagat kudu nyaraho.
6Geura sarurak, geura maruji,
eh anu marangkuk di Sion!
Allah Israil teh suci, agung,
calik nyarengan umat-Na.”
Currently Selected:
YESAYA 12: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991