YouVersion Logo
Search Icon

2 TESALONIKA 1

1
1Kahatur dumateng dulur-dulur di Jamaah Tesalonika, umat kagungan Allah Rama jeung Gusti Yesus Kristus.
Ieu surat ti Paulus, Silas, jeung Timoteus. 2Mugia aranjeun dikurniaan rahmat rahayu ti Gusti Allah Rama jeung ti Gusti Yesus Kristus.
Pangadilan dina waktu Kristus sumping
3Saban waktu sim kuring perlu muji sukur ka Allah ku kaayaan aranjeun, dulur-dulur! Teu rek kitu kumaha, lantaran aranjeun mingkin percaya ka Kristus jeung mingkin silih pikanyaah. 4Eta sababna aranjeun ku sim kuring dipuji di jamaah Allah, dialem, lantaran kapercayaan aranjeun tetep tangguh, tahan nangankeun sagala kabalangsakan jeung cocoba.
5Eta nandakeun adilna putusan Allah, nepi ka aranjeun layak jadi warga Pamarentahan Mantenna, sabab geus balangsak ku karana hal eta. 6Allah bakal midamel sakumaha mistina, sakur anu ngalantarankeun aranjeun balangsak teh baris disina balangsak. 7Aranjeun anu ayeuna lara balangsak, kitu deui sim kuring, bakal diluginakeun ku Allah, ari Gusti Yesus sumping ti sawarga diiring ku para malaikat anu garagah, 8sumping dina gedurna seuneu. Anjeunna bakal ngahukum sakur anu nolak ka Allah jeung ka anu embung narima Injil Kasalametan hal Yesus Gusti urang. 9Maranehna bakal ngarasa hukumanana, binasa salalanggengna, dipeclengkeun ti payuneun Gusti jeung ti lingkungan kakawasaana-Na anu agung. 10Eta tangtu kitu dina waktu Anjeunna sumping, poean Anjeunna nampi pamuji jeung panghormat ti sakabeh jelema anu percaya ka Anjeunna. Aranjeun oge bakal kumpul jeung anu palercaya kana Injil Kasalametan anu diwawarkeun ku sim kuring tea.
11Tumali jeung eta, aranjeun ku sim kuring teu kendat dipangnedakeun ka kersa Allah urang, mugi-mugi ku Mantenna dipandang layak pikeun manjing hirup anu langgeng, luyu jeung panyaur-Na. Mugi-mugi ku pangawasa Mantenna, kahayang aranjeun kana ngalampahkeun anu hade jeung sampurna baranggawe enggoning percaya teh tinekanan. 12Lamun kitu, eta hirup aranjeun teh matak mulya ka pajenengan Yesus Gusti urang, sarta aranjeun oge mareunang kamulyaan ti Anjeunna, ku berkah sih kurnia Allah, jeung ku rahmatna Gusti Yesus Kristus.

Currently Selected:

2 TESALONIKA 1: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

YouVersion uses cookies to personalize your experience. By using our website, you accept our use of cookies as described in our Privacy Policy