YouVersion Logo
Search Icon

1 YOHANES 5

5
Saha nu bisa ngelehkeun perwatek dunya?
1Anu percaya yen Yesus teh Kristus, eta putra Allah. Anu nyaah ka hiji bapa tangtu nyaah oge ka anakna. 2Ciri nyaah ka sasama putra Allah teh nya eta nyaah ka Allah jeung nurut kana parentah-Na. 3Sabab tandana nyaah ka Allah teh nurut kana parentah Mantenna. Ari parentah-parentah-Na taya anu matak teu pikadugaeun urang, 4sabab unggal putra Allah oge sanggup ngelehkeun dunya. Urang bisa ngelehkeun dunya teh ku iman kapercayaan. 5Tah lamun kitu, saha anu kuat ngelehkeun perwatek dunya? Ngan jelema anu percaya yen Yesus teh Putra Allah.
Saksi tina hal Yesus Kristus
6Yesus Kristus teh nya eta anu sumping-Na ka dunya ku cai jeung ku getih. Ku cai, nya eta dibaptis. Ku getih, nya eta pupus ngucurkeun getih. Hal ieu dibenerkeun ku Roh Allah ku manten, roh nu sayaktina. 7-8Jadi anu nyaksian hal eta teh aya tilu nya eta: Roh Allah, cai, jeung getih. Panyaksian ieu anu tilu sarua, ngabenerkeun yen kitu. 9Lamun urang percaya kana panyaksian ti manusa, panyaksian ti Allah mah tina hal Putra-Na teh leuwih ngayakinkeun. 10Ku sabab kitu, jelema anu percaya ka Putra Allah, hatena narima kana panyaksian ti Allah. Sabalikna, anu henteu percaya kana panyaksian ti Allah tina hal Putra-Na, eta jelema teh nyaruakeun Allah jeung tukang bohong. 11Eusi panyaksiana-Na nya eta: Allah ka urang maparin hirup langgeng; ari hirup langgeng sumberna di Putra-Na. 12Sing saha anu meunangkeun Putra-Na, meunangkeun hirup langgeng. Sing saha anu henteu meunangkeun Putra-Na, moal meunangkeun hirup langgeng.
Hal hirup langgeng
13Bapa nulis ieu teh mere terang yen aranjeun geus meunangkeun hirup langgeng, da percaya ka Putra Allah. 14Jadi di payuneun Allah teh teger, lantaran yakin Mantenna kersa ngadangukeun naon bae panuhun urang anu sapuk jeung pangersa-Na. 15Iraha bae urang ngunjukkeun panuhun bakal didangu. Jeung ku sabab yakin kitu, yakin deuih Mantenna bakal ngabulkeun panuhun urang.
16Upama aya dulur migawe dosa tapi dosana teu matak maehkeun, pangnedakeun ka Allah supaya dipaparin hirup. Ieu ngan pikeun anu dosana henteu matak maehkeun. Aya dosa anu matak maehkeun, tapi pikeun anu migawe dosa kitu mah bapa teu nitah mangnedakeun. 17Kabeh lampah doraka dosa. Tapi aya dosa anu teu matak maehkeun.
18Urang terang, yen anu geus jaradi putra Allah moal kateterusan migawe dosa, sabab diasuh ku Putra Allah, moal beunang dijailan ku si Jahat.
19Urang terang yen sanajan saalam dunya dibawah ku si Jahat, urang mah aya dina cangkingan Allah.
20Urang terang yen Putra Allah anu sumping mijalma teh geus maparin pangarti anu saestu ka urang, nepi ka urang terang ka Allah anu sayakti. Hirup urang satunggal jeung Allah anu sayakti, lantaran ngahiji jeung Yesus Kristus Putra-Na. Mantenna sayaktining Allah. Mantenna nu jadi hirup langgeng.
21Sing waspada anaking, sing ati-ati ka allah-allah palsu.

Currently Selected:

1 YOHANES 5: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

YouVersion uses cookies to personalize your experience. By using our website, you accept our use of cookies as described in our Privacy Policy