Ngandika PANGERAN,
”Ti Israil, Kami rek miceunan kareta perang.
Ti Yerusalem rek ngeuweuhkeun kuda.
Gondewa paranti perang rek dipingges-pinggeskeun.
Raja maneh baris ngembarkeun karukunan ka bangsa-bangsa.
Murbana ti tungtung laut ka tungtung laut deui,
mimiti ti Walungan Eprat, nepi ka satungtung jagat.”