Eh urang Yuda jeung urang Israil! Bareto, lamun jalma-jalma urang asing silih sumpahan, ucapanana teh, ʼManeh sing meunang bahla saperti anu karandapan ku urang Yuda jeung urang Israil!ʼ Ayeuna maraneh ku Kami baris ditulungan. Ayeuna mah urang asing teh bakal kieu ucapanana, ʼMuga anjeun meunang bagja, cara anu katarima ku urang Yuda jeung urang Israil.ʼ Ku sabab eta maraneh sing galede hate, ulah salempang.”