1
RUM 12:2
KITAB SUCI
LAISUN
Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.
Compare
Explore RUM 12:2
2
RUM 12:1
Dulur-dulur! Ku sabab Allah sakitu murah asih-Na ka urang, sim kuring menta ka aranjeun supaya ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup; kumawula ka Mantenna bae supaya sukaeun manah-Na. Kudu kitu ibadah teh, kakara bener.
Explore RUM 12:1
3
RUM 12:12
Dina keur aya anu diharep, hate kudu masing janglar, sing tawekal dina kasusah, jeung sing rajin neneda.
Explore RUM 12:12
4
RUM 12:21
Kade, ulah nepi ka kabawa ku amarah, elehkeun pikiran goreng teh ku anu hade.
Explore RUM 12:21
5
RUM 12:10
Sing silih raketan, silih pidulur, jeung silih ajenan.
Explore RUM 12:10
6
RUM 12:9
Tembongkeun kanyaah reujeung iklas. Musuhan kagorengan, genggem naon anu hade.
Explore RUM 12:9
7
RUM 12:18
sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae.
Explore RUM 12:18
8
RUM 12:19
Poma dulur-dulur, ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah. Ceuk Kitab Suci oge, ”Kami anu pimaleseunana, Kami anu bakal ngahukumna, kitu pilahir Pangeran.”
Explore RUM 12:19
9
RUM 12:11
Kudu getol kana gawe, ulah mumulan. Kudu bakti ka Allah reujeung hate anu tigin.
Explore RUM 12:11
10
RUM 12:3
Sim kuring anu geus ngarasakeun murah asih-Na, hayang mere pepeling ka aranjeun: Ulah boga rasa diri leuwih ti kaayaan anu sabenerna. Ngukur diri kudu reujeung rendah hate, luyu jeung gedena iman paparin ti Allah.
Explore RUM 12:3
11
RUM 12:17
Nu goreng ulah dibales ku goreng. Usahakeun kumaha bae jalanna anu ceuk batur ge hade
Explore RUM 12:17
12
RUM 12:16
Tata-titi ka batur kudu sarua. Nyekel kawajiban ulah bari kamagungan, kudu reujeung rendah hate. Ulah ngarasa aing pinter.
Explore RUM 12:16
13
RUM 12:20
Malah hadena mah, sakumaha ceuk Kitab Suci, ”Lamun musuh lapareun bere dahar, lamun hanaangeun bere nginum; ku dikitukeun teh manehanana moal teu ngarasa asa renghek bawaning ku eraeun.”
Explore RUM 12:20
14
RUM 12:14-15
Jelema anu neungteuinganan ulah disumpahan, malah kudu dipangnedakeun ka Allah mugia sing diberkahan. Enya, kudu kitu! Kudu milu bagja ka nu meunang bagja, milu ceurik ka nu ceurik.
Explore RUM 12:14-15
15
RUM 12:13
Batur sakapercayaan anu keur aya kakurangna, tulungan sapangabutuhna; tampa hade-hade mun aya anu ngadon datang ka imah.
Explore RUM 12:13
16
RUM 12:4-5
Lir upama badan, hiji tapi anggahotana rupa-rupa, kaayaan urang oge kitu. Lobaan, rupa-rupa, tapi ku sabab geus ngahiji jeung Kristus, urang teh geus dihijikeun jadi sabadan.
Explore RUM 12:4-5