Sawatara dahan tangkal jetun – nya eta urang Yahudi ditilas. Dina urut nilasna dicangkokkeun dahan tina tangkal jetun leuweung, nya eta aranjeun, nu lain urang Yahudi. Ku sabab dicangkokkeun dina dahan anu ditilas tea, aranjeun jadi hirup-hurip ku kahirupan rohani ti urang Yahudi. Ku lantaran kitu poma, aranjeun ulah ngarendahkeun maranehna, anu geus ditilas saperti dahan tea. Jeung deui rek aragul ku naon? Aranjeun mah sakadar dahan. Dahan moal bisaeun ngahirupan akar, akar anu ngahirupan dahan.