1
SILOKA 4:23
KITAB SUCI
LAISUN
Masing asak nya mikir, sabab anu nangtukeun watek hirup teh nya pikiran tea.
Compare
Explore SILOKA 4:23
2
SILOKA 4:26
Pikir heula sing asak anu arek dipigawe, tangtu sagala anu diusahakeun teh bakal hade jadina.
Explore SILOKA 4:26
3
SILOKA 4:24
Poma ulah ngomong anu lain sabenerna. Kudu pantrang bohong, cadu ngabobodo.
Explore SILOKA 4:24
4
SILOKA 4:7
Meunangkeun hikmah teh usaha pangpentingna. Beunangkeun pangarti ku saniskara nu geus kapimilik.
Explore SILOKA 4:7
5
SILOKA 4:18-19
Lalampahan jelema anu satuhu, saibarat srangenge medal, beuki beurang beuki caang. Ari nu jahat mah sarua jeung leumpang dina poekna peuting, blug labuh, duka titajong kana naon, da matana teu nenjo.
Explore SILOKA 4:18-19
6
SILOKA 4:6
Ulah ngalalaworakeun hikmah, supaya urang ditangtayungan. Anggur pikadeudeuh, sabab eta teh baris nungtun kana rahayu.
Explore SILOKA 4:6
7
SILOKA 4:13
Ulah poho ka nu ku Bapa geus dipapatahkeun. Sabab atikan teh nya eta sakumna hirup hidep. Jadi kudu dijaga.
Explore SILOKA 4:13
8
SILOKA 4:14
Ulah saihwan jeung jelema jarahat. Ulah nurutan adat nu daroraka.
Explore SILOKA 4:14
9
SILOKA 4:1
Barudak, dengekeun papatah bapa maraneh. Regepkeun supaya boga pangarti.
Explore SILOKA 4:1