1
SILOKA 3:5-6
KITAB SUCI
LAISUN
Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan. Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.
Compare
Explore SILOKA 3:5-6
2
SILOKA 3:7
Poma ulah boga angkeuh pinter sorangan, anggur masing sieun ku PANGERAN, nyingkah tina lampah salah.
Explore SILOKA 3:7
3
SILOKA 3:9-10
Masing hormat ka PANGERAN ku ngabaktikeun sagala rupa hasil bumi lahan hidep anu panghadena. Engke leuit hidep buncir, cianggur ceuyah, ngaleuya mo kawadahan.
Explore SILOKA 3:9-10
4
SILOKA 3:3
Ulah tinggal ti satia jeung satuhu, kongkorongkeun eta teh dina beuheung, tulis dina sanubari.
Explore SILOKA 3:3
5
SILOKA 3:11-12
Anaking, ulah nampik lamun ku PANGERAN dipeperih. Tarimakeun ulah sungkan, eta teh pepeling. Mana dipeperih ge tandaning hidep dipiasih, lir bapa meperih anak anu dipikanyaah.
Explore SILOKA 3:11-12
6
SILOKA 3:1-2
Anaking, ulah poho ka papatah Bapa. Nu ku Bapa diucapkeun, omat ku hidep ingetkeun. Sabab eta teh matak hade untung sarta panjang umur.
Explore SILOKA 3:1-2
7
SILOKA 3:13-15
Bagja jalma anu meunang hikmah, anu meunang pangarti. Sabab eta leuwih untung batan boga perak, pangajina leuwih ti batan emas. Hikmah leuwih hargana ti batan permata, sagala rupa anu dipikahayang ku hidep moal bisa nyaruaan eta.
Explore SILOKA 3:13-15
8
SILOKA 3:27
Iraha bae ge kudu nulung ka nu butuh, sabisa-bisa.
Explore SILOKA 3:27
9
SILOKA 3:19
PANGERAN ngadegkeun bumi ku hikmah-Na. Ngadegkeun langit ku pangartos-Na.
Explore SILOKA 3:19