1
SILOKA 26:4-5
KITAB SUCI
LAISUN
Nu ngajawab pananya anu mahiwal sarua mahiwalna jeung nu nanyana. Pananya anu mahiwal, jawab ku nu mahiwal deui. Ku nu nanyana bakal karasaeun yen geuning dirina teh henteu pinter sakumaha panyangkana.
Compare
Explore SILOKA 26:4-5
2
SILOKA 26:11
Anu gejul sok mindoan kagejulanana, cara anjing malikan utahna.
Explore SILOKA 26:11
3
SILOKA 26:20
Seuneu lamun henteu disuluhan mah pareum. Pasea lamun henteu disundutan mah eureun.
Explore SILOKA 26:20
4
SILOKA 26:27
Anu julig ka batur tangtu cilaka ku kajuliganana sorangan, cara anu ngali gawir tangtu kaurugan.
Explore SILOKA 26:27
5
SILOKA 26:12
Leuheung keneh jelema nu pangbodona, ti batan jelema anu ngarasa pinter padahal henteu.
Explore SILOKA 26:12
6
SILOKA 26:17
Jalma anu sok pipilueun kana pacengkadan nu lain urusan sorangan, ibarat ngajambret ceuli anjing anu pareng liwat.
Explore SILOKA 26:17