1
SILOKA 10:22
KITAB SUCI
LAISUN
Berkah PANGERAN nu ngabeungharkeun teh, ari saukur getol mah moal matak nambahan beunghar.
Compare
Explore SILOKA 10:22
2
SILOKA 10:19
Beuki loba omong beuki loba masiat. Jalma lantip budi mah resep keneh balem.
Explore SILOKA 10:19
3
SILOKA 10:12
Kaceuceub teh ngahudang picekcokeun, ari kanyaah mah hampuraan kana sagala kasalahan.
Explore SILOKA 10:12
4
SILOKA 10:4
Nu kedul baris muluntu. Anu getol mah pibeunghareun.
Explore SILOKA 10:4
5
SILOKA 10:17
Jalma nu daek nampa panggeuing tangtu salamet. Anu embung disalahkeun mah hirupna dina bahaya.
Explore SILOKA 10:17
6
SILOKA 10:9
Jalma jujur bakal lulus mulus. Nu teu jujur mah pasti kabitur.
Explore SILOKA 10:9
7
SILOKA 10:27
Sieun ku PANGERAN matak panjang umur, da nu jahat mah paehna ge samemeh mangsa.
Explore SILOKA 10:27
8
SILOKA 10:3
Jalma bener ku PANGERAN moal diantep kalaparan. Jalma jahat mah angen-angenna ku PANGERAN dipegat sina teu laju.
Explore SILOKA 10:3
9
SILOKA 10:25
Ana datang topan, nu gejul kapangpengkeun, ari nu jujur mah salamet.
Explore SILOKA 10:25