1
BILANGAN 14:9
KITAB SUCI
LAISUN
Ulah ngalawan ka PANGERAN, jeung ulah gimir ku urang ditu. Moal teu babari ngelehkeunana. PANGERAN nyarengan urang, sarta Mantenna geus ngelehkeun allah-allah urang ditu, jadi ulah sieun-sieun.”
Compare
Explore BILANGAN 14:9
2
BILANGAN 14:18
’Kami teh PANGERAN, jembar panalar, jembar asih, satuhu, jembar hampura ka nu baroga dosa jeung ka anu sok ngalawan. Tapi nu salah mah moal teu dihukum, boh kaom bapa, boh anak incuna, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.’
Explore BILANGAN 14:18
3
BILANGAN 14:8
Asal kalakuan urang sing matak sapuk kana manah PANGERAN, ku Mantenna tangtu dicandak ka ditu, sarta eta tanah anu sakitu beungharna tur sakitu lendona teh tangtu dipaparinkeun ka urang.
Explore BILANGAN 14:8
4
BILANGAN 14:24
Ari Kaleb, abdi Kami, ku sabab beda deui sarta tetep satuhu, tangtu ku Kami dicandak ka ditu, ka tanah anu ku manehna tas ditalengteng. Anak incuna bakal ngamilik eta tanah
Explore BILANGAN 14:24
5
BILANGAN 14:28
Bejakeun, kieu kituh waleran Kami, ’Kami sumpah demi hirup Kami, saomong maraneh ku Kami rek dibuktikeun. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.
Explore BILANGAN 14:28
6
BILANGAN 14:11
PANGERAN ngandika ka Musa, ”Rek iraha enggeusna eta jelema-jelema nampik ka Kami teh? Rek sabaraha lilana maranehna henteu percaya ka Kami anu geus sakitu lobana nembongkeun mujijat?
Explore BILANGAN 14:11
7
BILANGAN 14:2
Seug ngarasula ka Musa jeung Harun, pokna, ”Mending ge paeh bareto di Mesir, atawa mending paeh di dieu keneh di tanah gurun!
Explore BILANGAN 14:2
8
BILANGAN 14:6-7
Ari Yosua bin Nun jeung Kaleb bin Yepune, dua jelema anu tas ngalongok tanah tea nyarosoeh pakeanana bawaning ku susah, tuluy ngomong ka nu loba pokna, ”Eta tanah anu kakara tas ditalengteng teh kacida pikabitaeunana.
Explore BILANGAN 14:6-7
9
BILANGAN 14:21-23
Tapi demi hirup Kami, jeung demi kamulyaan Kami anu minuhan jagat, maranehna moal aya anu diasupkeun ka eta tanah. Sangkilang maranehna geus narenjoeun gebrayna kamulyaan jeung mujijat-mujijat Kami di Mesir jeung di gurun keusik, tapi teu eureun-eureun maranehna teh ngalawan, ngadoja kasabaran Kami. Maranehna hamo asup ka tanah anu ku Kami dijangjikeun ka karuhunna. Sakur anu ngalawan ku Kami moal aya anu diasupkeun ka ditu.
Explore BILANGAN 14:21-23