1
BILANGAN 13:30
KITAB SUCI
LAISUN
Ti dinya Kaleb ngarepehkeun jelema-jelema anu mimiti ngageder nembongkeun kateupanujuna ka Musa. Kieu ceuk Kaleb, ”Urang rurug eta tanah teh, urang rebut. Tangtu beunang ku urang.”
Compare
Explore BILANGAN 13:30
2
BILANGAN 13:33
malah di ditu teh loba raksasa turunan bangsa Enak. Dibanding jeung itu, urang mah mani asa sagede simeut. Moal teu kitu itu ge nganggapna ka urang.”
Explore BILANGAN 13:33
3
BILANGAN 13:31
Tapi ceuk nu sejen-sejenna anu arindit jeung Kaleb, ngaromongna teh kieu: ”Urang moal kuat ngarurug ka ditu. Urang ditu teh baredasna leuwih ti urang.”
Explore BILANGAN 13:31
4
BILANGAN 13:32
Saterusna maranehna nyebarkeun carita palsu ka urang Israil perkara hasil lolongokna ka eta tanah, majar: ”Hasil eta tanah teh keur pribumina ge teu matak mahi. Jalma-jalmana jararangkung pisan
Explore BILANGAN 13:32
5
BILANGAN 13:27
Kieu pupulihna ka Musa, ”Eta tanah parantos disidikkeun. Kaayaanana beunghar sareng subur. Ieu ngabantun bubuahanana saeutik.
Explore BILANGAN 13:27
6
BILANGAN 13:28
Mung jalmi-jalmina kacida baredasna, kota-kotana nya arageung nya wareweg, dikuta kuat sakurilingna. Kajabi ti kitu di ditu teh aya suku bangsa anu jarangkung gede.
Explore BILANGAN 13:28
7
BILANGAN 13:29
Palih kidul dicicingan ku urang Amalek. Pagununganana dicicingan ku urang Het, urang Yebus, sareng urang Emor. Tempat-tempat sapanjang basisir Laut Tengah sareng sapanjang Walungan Yordan dicicingan ku urang Kanaan.”
Explore BILANGAN 13:29
8
BILANGAN 13:26
ka Musa, Harun, jeung bangsa Israil di tanah gurun Paran wewengkon tanah Kades. Sagala papanggihanana ditepikeun bari nembongkeun bubuahan babawaanana.
Explore BILANGAN 13:26