1
MATEUS 21:22
KITAB SUCI
LAISUN
Nya kitu deui, neneda menta naon bae, asal hate percaya, tangtu dikabul.”
Compare
Explore MATEUS 21:22
2
MATEUS 21:21
Waler Yesus, ”Maraneh ge, asal percaya jeung henteu cangcaya, bisa nyieun kitu cara Kami bieu ka eta tangkal kondang. Malah leuwih ti kitu. Pek ieu gunung titah kieu, ʼGeura ngangkat, terus nyeburkeun maneh ka laut,ʼ tangtu bukti.
Explore MATEUS 21:21
3
MATEUS 21:9
tuluy ngaleut di payuneun jeung di pungkureun Anjeunna. Nu di tukang tinggarero, ”Wilujeng Putra Daud! Mugia anu sumping kalawan pajenengan Pangeran dirahmat ku Allah! Puji Allah!”
Explore MATEUS 21:9
4
MATEUS 21:13
Saur-Na, ”Dina Kitab Suci disebut, kieu dawuhan Allah: ʼBait Kami bakal disarebut tempat paranti sembahyang.ʼ Ari ku maraneh dijieun sayang begal!”
Explore MATEUS 21:13
5
MATEUS 21:5
”Bejakeun ka Sion, Itu Raja maneh sumping! Ngarendahkeun anjeun nitih kalde, kaldena anakna keneh.”
Explore MATEUS 21:5
6
MATEUS 21:42
Saur Yesus, ”Kumaha aranjeun geus maraca ayat Kitab Suci anu kieu? ʼBatu anu teu kapake ku tukang ngadegkeun, ngajadi batu anu pangutamana. Kitu dipidamelna ku Pangeran, endahna kabina-bina!ʼ ”
Explore MATEUS 21:42
7
MATEUS 21:43
Saur Yesus deui, ”Ku sabab kitu Kaula ngabejaan, hak aranjeun kana Karajaan Sawarga bakal dicabut, dibikeun ka bangsa sejen anu daraekeun ngajalankeun pangersa Allah. [
Explore MATEUS 21:43
Home
Bible
Plans
Videos