1
YESAYA 55:8
KITAB SUCI
LAISUN
Dawuhana-Na, ”Pikiran Kami lain saperti pipikiran maraneh. Jalan Kami lain saperti jalan maraneh.
Compare
Explore YESAYA 55:8
2
YESAYA 55:9
Sakitu luhurna langit ti bumi, sakitu jauhna jalan jeung pikiran Kami ti jalan jeung pipikiran maraneh.
Explore YESAYA 55:9
3
YESAYA 55:6
Geura tarobat ka PANGERAN. Geura sasambat ka Mantenna anu geus deukeut.
Explore YESAYA 55:6
4
YESAYA 55:7
Anu jarahat geura robah kalakuan, geura garanti pikiran. Geura tarobat ka Allah kaula. Mantenna sipat welas jeung hampuraan.
Explore YESAYA 55:7
5
YESAYA 55:1
PANGERAN ngadawuh, ”Eh sakur nu halabhab, ka darieu, nginum! Anu henteu baroga duit, ka darieu, ieu dahareun dalahar, teu kudu mayar. Anggur jeung susu, teu kudu dibeuli.
Explore YESAYA 55:1
6
YESAYA 55:10-11
Saperti ibun jeung hujan turun ti langit, maseuhan bumi, nuwuhkeun pepelakan, ngabijilkeun bibinihan jeung dahareun, nya kitu pangandika anu kaluar ti Kami, moal gagal mawa tujuan pangersa Kami. Sagala pangersa Kami, ku eta tangtu dilaksanakeun.
Explore YESAYA 55:10-11
7
YESAYA 55:12
Maraneh bakal marulang ti Babul bari garerah. Dituyun kaluar ti dinya kalawan salamet. Gunung-gunung, pasir-pasir, bakal ngarawih, tatangkalan emprak.
Explore YESAYA 55:12
8
YESAYA 55:3
Eh umat, ka darieu, hiap, tangtu maraneh hirup! Kami rek nyieun perjangjian langgeng jeung maraneh. Jeung kurnia Kami, anu bareto dijangjikeun ka Daud, bakal diserenkeun ka maraneh.
Explore YESAYA 55:3