1
YESAYA 54:17
KITAB SUCI
LAISUN
Jadi satiap pakarang anu dipake narajang ka maneh, moal matak kua-kieu. Jeung satiap maneh aya anu merkarakeun, maneh bakal bisa ngalawan. Abdi-abdi Kami ku Kami tangtu diraksa, disina arunggul.” Kitu dawuhan PANGERAN.
Compare
Explore YESAYA 54:17
2
YESAYA 54:10
Gunung jeung pasir bisa urug. Tapi kanyaah Kami ka maneh teh moal aya tungtungna. Jangji Kami ka maneh moal udar, rek mere kanugrahaan.” Kitu dawuhan PANGERAN anu asih ka maneh.
Explore YESAYA 54:10
3
YESAYA 54:4
Tong salempang! Sabab maneh moal aya anu ngahina deui, moal aya anu ngawiwirang deui. Kabalangsakan lantaran maneh geus teu satia ti ngongora, engke mah kapopohokeun. Kaprihatinan waktu keur cuang-cieung jadi randa, moal kainget-inget deui.
Explore YESAYA 54:4
4
YESAYA 54:5
Anu nyiptakeun maneh, anu jenenganana PANGERAN Nu Maha Kawasa, bakal jadi ibarat salaki maneh. Allah Israil nu suci, raja sakuliah jagat, bakal ngajait maneh.
Explore YESAYA 54:5
5
YESAYA 54:2
Kemah maneh kudu dilegaan, tambang-tambangna panjangan. Pancuh-pancuhna sing parageuh.
Explore YESAYA 54:2
6
YESAYA 54:13
Rahayat maneh arek diwuruk ku Kami pribadi. Hirupna sina makmur, sina talengtrem.
Explore YESAYA 54:13
7
YESAYA 54:8
Kami bendu nepi ka ninggalkeun teh teu lila. Ayeuna rek mikanyaah sapapanjangna.” Kitu dawuhan PANGERAN, anu ngajait maneh.
Explore YESAYA 54:8
8
YESAYA 54:7
”Kami ninggalkeun teh ngan sakeudeung. Ayeuna rek ngaku deui, diwuwuh ku asih anu taya papadana.
Explore YESAYA 54:7
9
YESAYA 54:9
”Keur jaman Enoh Kami geus jangji, yen moal ngeueum deui ieu bumi. Ayeuna Kami jangji moal bendu deui ka maneh, moal nyeuseul atawa ngahukum deui.
Explore YESAYA 54:9
10
YESAYA 54:12
Munara-munarana rek ku mirah dalima. Gapura-gapurana ku batu manikem anu ngagebur. Kutana rek ku permata.
Explore YESAYA 54:12