1
YESAYA 45:3
KITAB SUCI
LAISUN
Maneh rek diserenan dunyabrana, pependeman ti tempat-tempat anu baruni, sangkan nyaho yen Kami teh PANGERAN, sangkan nyaho yen ngaran maneh geus disebut ku Allah Israil.
Compare
Explore YESAYA 45:3
2
YESAYA 45:2
”Kami anu bakal maju heulaeun maneh, ngaratakeun gunung-gunung jeung pasir-pasir, ngabejadkeun panto-panto tambaga, ngarebahkeun sarigsig-sarigsig beusi, pikeun pijalaneun maneh.
Explore YESAYA 45:2
3
YESAYA 45:5-6
Kami teh PANGERAN. Taya deui Allah sejen. Maneh rek dibere kakuatan, sanajan can wawuh ka Kami. Maksud Kami sangkan unggal jalma ti tungtung-tungtung jagat nyaraho yen Kami teh PANGERAN, sangkan nyaraho yen euweuh deui Allah sejen.
Explore YESAYA 45:5-6
4
YESAYA 45:7
Kami nu ngadamel caang jeung poek. Kami nu ngadatangkeun rahmat jeung bahla. Kami PANGERAN, nu midamel ieu sagala perkara.
Explore YESAYA 45:7
5
YESAYA 45:22
Ka darieu ka Kami, eh manusa sajagat! Tangtu maraneh salamet! Ngan Kami bae Allah teh.
Explore YESAYA 45:22
6
YESAYA 45:1
PANGERAN geus milih Kores jadi raja. Ku Mantenna bakal dipangmukakeun gapura kota-kota, sina nalukkeun raja-raja, ngarangsadan kakawasaanana. Kieu timbalan PANGERAN ka Kores
Explore YESAYA 45:1
7
YESAYA 45:23
Jangji Kami jangji anu pasti, moal robah. Kami jangji saenyana, nyebat jenengan ku manten. Ka darieu, sujud ka Kami. Sing tuhu ka Kami!
Explore YESAYA 45:23
8
YESAYA 45:4
Maneh ku Kami diangkat pikeun nulung abdi Kami, Israil, umat beunang Kami milih. Maneh najan can nyaho ka Kami, ku Kami geus dibere kahormatan kitu.
Explore YESAYA 45:4