1
YESAYA 44:3
KITAB SUCI
LAISUN
Tanah tuhur ku Kami bakal diguyur, nu kagaringan rek digolontoran ku walungan-walungan. Roh Kami rek dikocorkeun ka anak-anak maneh, sarta berkah Kami pikeun turunan maneh.
Compare
Explore YESAYA 44:3
2
YESAYA 44:6
PANGERAN anu marentah jeung ngaraksa Israil, Nu Maha Kawasa geus nimbalan kieu, ”Kami teh anu mimiti, anu ahir, hiji-hijina Allah. Taya deui Allah jaba ti Kami.
Explore YESAYA 44:6
3
YESAYA 44:22
Dosa maneh ku Kami geus disapu, sirna lir mega. Geura balik ka Kami. Ieu Kami anu nyalametkeun maneh.”
Explore YESAYA 44:22
4
YESAYA 44:8
Umat Kami ulah sieun! Maraneh nyaho, sagala kajadian ti baheula nepi ka poe ieu pisan, ku Kami geus diwejangkeun ti heula. Naha enya aya Allah sejen teh? Maraneh saksina. Naha enya aya Allah sejen teh? Naha aya deui Allah anu kawasa, anu Kami can uninga?”
Explore YESAYA 44:8
5
YESAYA 44:2
Kami teh PANGERAN, anu ngagelarkeun maneh. Ti barang maneh dijurukeun, ku Kami geus ditulungan. Ulah sieun, maneh abdi Kami, umat pilihan Kami anu dipikanyaah.
Explore YESAYA 44:2