Rahayat eta bangsa-bangsa bakal silih ajak:
”Hayu urang naranjak ka pasir, pangcalikan PANGERAN,
urang ka Baitna Allah Israil.
Engke urang ku Mantenna diwulang pilampaheun,
sangkan napak kana jalan pituduh-Na.
Sabab piwulang PANGERAN teh datangna ti Yerusalem,
ngandika-Na ka umat-Na teh ti Sion.”