1
YESAYA 1:18
KITAB SUCI
LAISUN
PANGERAN nimbalan, ”Hayu urang padukeun. Maraneh teh geus lestreng ku dosa, tapi ku Kami rek disina bodas beresih. Najan dosa maneh nepi ka beureum kawas getih, bakal jadi bodas kawas kapas.
Compare
Explore YESAYA 1:18
2
YESAYA 1:19
Lamun narurut ka Kami, sagala pibagjaeun nu aya di ieu tanah ku maraneh tangtu kapetik.
Explore YESAYA 1:19
3
YESAYA 1:17
lampahkeun anu bener. Usahakeun sangkan kaadilan terap. Belaan anu sangsara. Belaan hakna budak pahatu. Tangtayungan randa-randa.”
Explore YESAYA 1:17
4
YESAYA 1:20
Sabalikna lamun teu narurut, cilaka, tangtu dibasmi. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
Explore YESAYA 1:20
5
YESAYA 1:16
Beresihan heula diri. Eureunan kalakuan anu doraka teh. Eureun nyieun dosa
Explore YESAYA 1:16
6
YESAYA 1:15
Kami arek ngabalieur lamun maraneh nadahkeun doa. Rek ngadaroa sakumaha rosana ge ku Kami moal ditolih. Sabab maraneh nadahkeun leungeun anu lamokot ku getih.
Explore YESAYA 1:15
7
YESAYA 1:13
Teu guna maneh mawa pangabakti oge. Kami ijid kana bauna eta beubeuleuman maneh! Kami ijid kana Pesta Bulan Anyar, kana Sabat, jeung kana kumpulan-kumpulan ibadah maneh, lantaran geus kalampud ku dosa maneh.
Explore YESAYA 1:13
8
YESAYA 1:3
Sapi wawuheun ka anu bogana, kalde ingeteun dibawa nyatuan ka mana ku dununganana. Eta leuwih harideng ti batan umat Kami Israil, anu henteu nganyarahokeun ka Kami.”
Explore YESAYA 1:3
9
YESAYA 1:14
Kami geus ijid kana eta Pesta Bulan Anyar jeung kana hari-hari besar maraneh, ngabangbaluhan bae Kami, nyapekeun.
Explore YESAYA 1:14