Ku sabab eta meungpeung keur ngora, kudu eling ka Anu nyipta maraneh, meungpeung tacan nincak kana umur anu matak ripuh anu matak ngarasula, ”Hirup teh teu ngarasa bagja!” Geus nepi ka kitu mah panonpoe, bulan, bentang-bentang, katembongna asa surem, asa mendung saendeng-endeng.