1
PANDITA 11:9
KITAB SUCI
LAISUN
Barudak! Umur ngora teh rarasakeun niʼmatna. Sing galumbira meungpeung keur ngora. Tedunan sagala kahayang, ayunkeun kabeh karesep. Ngan kudu aringet, sagala kalakuan maraneh teh engke baris dipariksa ku Allah.
Compare
Explore PANDITA 11:9
2
PANDITA 11:10
Ulah ngukut kabingung, ulah miara kasusah, da moal ngora saumur-umur.
Explore PANDITA 11:10
3
PANDITA 11:4
Lamun arek pepelakan ngadadago heula angin jeung musim bae mah atuh rek iraha bisa cebna, panen-panen pimanaeun.
Explore PANDITA 11:4
4
PANDITA 11:5
Allah ngadamel sagala rupa, ku urang moal kaharti maksad-Na, cara urang hamo ngarti kumaha jabang bayi di jero kandungan bisa ngamimitian hirup.
Explore PANDITA 11:5
5
PANDITA 11:6
Arek pepelakan mah ceb, ceb bae rek isuk rek sore oge, da moal ngarti ieuh urang mah kumaha pijadieunana, naha baris alus kabeh, atawa nu mana nu bakal leuwih montok.
Explore PANDITA 11:6
6
PANDITA 11:2
Pelak modal di sababaraha tempat, malah mun bisa mah melak modal teh sing loba, geusan ngajaga dina bancang pakewuh, anu datangna moal kanyahoan.
Explore PANDITA 11:2