”Geus tereh mangsana,” dawuhan PANGERAN,
”gandum jadina leuwih gancang ti batan dialana,
anggur tumuwuhna leuwih gancang
ti batan waktu nyieun cianggur.
Cai anggur nyurucud ti gunung-gunung,
ngalocor ti pasir-pasir.
Umat Kami rek dipulangkeun ka nagrina.
Maranehna bakal ngadegkeun deui kota-kotana nu ancur,
terus maratuh di dinya.
Bakal ngararebon anggur,
bakal ngarinum cianggur,
bakal pepelakan sarta ngadahar hasilna.