AMOS 9:13-14
AMOS 9:13-14 LAISUN
”Geus tereh mangsana,” dawuhan PANGERAN, ”gandum jadina leuwih gancang ti batan dialana, anggur tumuwuhna leuwih gancang ti batan waktu nyieun cianggur. Cai anggur nyurucud ti gunung-gunung, ngalocor ti pasir-pasir. Umat Kami rek dipulangkeun ka nagrina. Maranehna bakal ngadegkeun deui kota-kotana nu ancur, terus maratuh di dinya. Bakal ngararebon anggur, bakal ngarinum cianggur, bakal pepelakan sarta ngadahar hasilna.





