YouVersion Logo
Search Icon

PILIPI 2:3-8

PILIPI 2:3-8 LAISUN

Dina ngalampahkeun naon bae ulah ku karana kapentingan pribadi, ulah kajurung ku hayang kapuji. Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan. Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae. Kudu nyonto kana sikep Yesus Kristus: Anjeunna teh kagungan sipat Allah. Najan kitu taya manah nyasamikeun anjeun jeung Allah. Malah-malah ngantunkeun sagala kamulyaana-Na, nyasamikeun anjeun jeung jalma nu kumawula, kersa saharkat jeung jalma, jeung nganggo rupa manusa. Ngarendahkeun anjeun, tunduk tumut ka Allah nepi ka pupus, pupus lantaran disalib.