PILIPI 2:1-3
PILIPI 2:1-3 LAISUN
Aranjeun jadi kuat lantaran ngahiji jeung Kristus. Bisa senang hate lantaran dipikaasih ku Anjeunna. Aranjeun diaping ku Roh Allah, harade hate jeung silih karunyaan pada batur. Sing sahate deuih, sakanyaah, sajiwa, sapikiran, sangkan hate sim kuring leuwih senang. Dina ngalampahkeun naon bae ulah ku karana kapentingan pribadi, ulah kajurung ku hayang kapuji. Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.