BILANGAN 16:30-32
BILANGAN 16:30-32 LAISUN
Sabalikna upama PANGERAN midamel hal anu tacan kungsi kadenge sarta taneuh beulah ngalegleg maranehna katut sagala pangabogana, nepi ka maranehna hirup-hirup keneh tarurun ka enggon anu paraeh, tetela eta jelema-jelema teh geus murtad ti PANGERAN.” Tutup anjeunna sasauran, bray bae taneuh anu ditincak ku Datan jeung Abiram ujug-ujug beulah ngewag, ngalegleg ka maranehna sakulawargana, katut Korah jeung sakur anu bariluk ka manehna katut sagala pangabogana.





