YouVersion Logo
Search Icon

YAKOBUS 3:14-18

YAKOBUS 3:14-18 LAISUN

Sabalikna, anu dengkian, nyerian hate, mentingkeun maneh, ulah ngagulkeun maneh bijaksana, sabab lamun kitu mah dosa sarta lalawanan jeung nu bener. Kabijaksanaan saperti kitu mah asalna lain ti sawarga, tapi ti dunya, tina hawa napsu, ti nu jahat. Karana di mana aya sipat dengki jeung sipat mentingkeun maneh, tangtu ngusutkeun jeung nyieun rupa-rupa kajahatan. Ari kabijaksanaan nu ti sawarga mah estuning pangmulus-mulusna, resep rapih, amis budi, sareseh, karunyaan, buahna teh harade kabeh, taya curiga ka batur, taya sipat pura-pura. Binih karapihan pelak jalma anu cinta kana karapihan mah buahna teh kahadean.