BUDALAN 34:6-7
BUDALAN 34:6-7 LAISUN
Geus kitu lar PANGERAN ngalangkung ka payuneun Musa bari ngagentra kieu, ”Kami PANGERAN, nya eta Allah anu sipat welas, sipat karunya, tara barangasan, sugih kaasih, sipat satuhu. Teguh kana jangji ka rebuan turunan, satia ngahampura dosa jeung kadorakaan. Parandene kitu moal teu ngahukum ka anak incu jelema-jelema anu marigawe dosa, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.”





