Turunan Daud jeung nu sejen-sejenna di Yerusalem, ku Kami bakal dieusi ku rasa kanyaah jeung kadaek kana sembahyang. Jalma nu ditubles ku maranehna nepi ka paeh teh bakal dipalire, sarta dicaleungceurikan kawas nyeungceurikan anak anu ngan hiji-hijina. Maranehna bakal midangdam kawas katinggal paeh ku anak cikal.