1
SILOKA 22:6
KITAB SUCI
LAISUN
Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup, sangkan ingeteun saumur-umur.
Compare
Explore SILOKA 22:6
2
SILOKA 22:4
Masing ajrih sarta rendah hate ka PANGERAN, tangtu maneh bisa beunghar, kaajen, jeung umur panjang.
Explore SILOKA 22:4
3
SILOKA 22:1
Lamun kudu milih, mending milih ngaran seungit ti batan milih kabeungharan.
Explore SILOKA 22:1
4
SILOKA 22:24
Ulah nyobat jeung jelema nu galede ambek, nu kalasar tabeatna
Explore SILOKA 22:24
5
SILOKA 22:9
Kudu berehan, kudu daek mere dahar ka nu kokoro, tangtu baris meunang berkah.
Explore SILOKA 22:9
6
SILOKA 22:3
Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan. Ari nu teu boga pikiran mah noyod bae, temahna kaduhung.
Explore SILOKA 22:3
7
SILOKA 22:7
Nu mariskin jaradi badega nu baleunghar, anu nginjeum duit sok jadi budakna anu nginjeumkeun.
Explore SILOKA 22:7
8
SILOKA 22:2
Nu beunghar jeung nu miskin aya kasaruanana, nya eta duanana oge PANGERAN anu nyiptakeunana.
Explore SILOKA 22:2
9
SILOKA 22:22-23
Ulah ngarah untung ti nu mariskin, ulah kena-kena bisa. Ulah meres ka jelema nu taya dayana di pangadilan. Karana PANGERAN baris ngabela perkarana, sarta anu nyilakakeunana baris diarah patina.
Explore SILOKA 22:22-23