Ieu siloka-siloka Suleman, putra Daud, raja Israil.
Ieu siloka-siloka teh geusan nungtun urang supaya nyaho kana hikmah jeung atikan, supaya bisa neuleuman pitutur-pitutur anu marunel. Oge ngadidik sangkan hirup urang sugih pangarti, jujur, bener jeung adil. Kitu deui mere luang ka nu taya pangalaman, mere papatah ka nu ngarora sangkan jembar kanyaho.