1
MARKUS 14:36
KITAB SUCI
LAISUN
”Ama!” saur-Na, ”Ama! Kangge Ama mah teu aya anu mustahil. Candak ieu lumur kasangsaraan teh ti Abdi. Nanging ulah numutkeun kahoyong Abdi, kedah kumaha pangersa Ama bae.”
Compare
Explore MARKUS 14:36
2
MARKUS 14:38
Saur-Na deui ka tiluanana, ”Kudu terus nyaring, neneda menta ulah keuna ku panggoda. Maraneh ari jiwa mah sumanget tapi badan lahir hengker.”
Explore MARKUS 14:38
3
MARKUS 14:9
Sing percaya ka ieu ucapan Kami: Di mana bae Injil diwawarkeun di sakuliah dunya, kahadean ieu awewe ka Kami geus tangtu bakal dicaritakeun pikeun pangeling-eling ka manehna.”
Explore MARKUS 14:9
4
MARKUS 14:34
tuluy ngalahir ka maranehna, ”Hate Kami nalangsa taya papadana, nepi ka asa remuk. Daragoan di dieu, jeung sing terus nyaring.”
Explore MARKUS 14:34
5
MARKUS 14:22
Tengah-tengah tuang Yesus nyandak roti hiji. Sanggeus muji sukur, rotina ku Anjeunna disemplekan tuluy diasongkeun ka murid-murid. ”Ieu tampanan, dahar,” saur-Na, ”ieu teh daging awak Kami.”
Explore MARKUS 14:22
6
MARKUS 14:23-24
Ti dinya Anjeunna nyandak lumur anggur. Sanggeus muji sukur, lumur diasongkeun ka murid-murid, tuluy diarinum. ”Ieu teh getih Kami,” saur Yesus, ”anu dikucurkeun pikeun jalma rea. Ieu getih Kami teh neguhkeun perjangjian Allah.
Explore MARKUS 14:23-24
7
MARKUS 14:27
Yesus nyarios ka murid-murid, ”Peuting ieu keneh maraneh bakal kalabur ti Kami. Sabab ceuk Kitab Suci, ’Eta pangangon teh bakal tiwas ku Allah, baris dipaehan, dombana disina paburisat.’
Explore MARKUS 14:27
8
MARKUS 14:42
Geura harudang, urang indit. Tenjo, anu rek ngahianat ka Kami teh geus datang!”
Explore MARKUS 14:42
9
MARKUS 14:30
Waler Yesus ka Petrus, ”Kami ngingetan, peuting ieu memeh hayam kongkorongok dua kali, geus tilu kali maneh bakal nyebut teu wawuh ka Kami.”
Explore MARKUS 14:30