Waler Yesus, ”Ieu anu pangutamana: ’Darengekeun, eh Israil! Pangeran Allah urang teh Pangeran anu tunggal. Masing nyaah ka Pangeran Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, terus jeung budi akal, sarta sing sakuat-kuat.’ Parentah pangutamana anu kadua: ’Kudu nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.’ Taya deui parentah anu pangutamana salian ti ieu dua parentah.”