Sabab dina jaman mimiti mah, nya eta waktu Allah ngajadikeun manusa, ku Kitab Suci disebutkeun yen, ’Allah ngadamel manusa teh lalaki jeung awewe. Ku hal eta, lalaki bakal ninggalkeun indung bapana, tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.’ Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji.