Rahayatna ngaromong,
”Hayu urang naranjak ka pasir PANGERAN, ka Baitna Allah Israil,
karana Mantenna seja nerangkeun pamundut-Na,
urang teh kudu kumaha.
Urang bakal nempuh jalan nu dipilih ku Mantenna.
Piwulang Mantenna teh kaluarna ti Yerusalem,
diandikakeunana ka umat-Na ti Sion.”