1
IMAMAT 26:12
KITAB SUCI
LAISUN
Tangtu nyarengan, jadi Allah maraneh sarta maraneh jadi umat Kami.
Compare
Explore IMAMAT 26:12
2
IMAMAT 26:4
lahan-lahan maraneh bakal mere hasil, tatangkalanana bakal baruahan sabab tangtu ku Kami dibere hujan unggal usum.
Explore IMAMAT 26:4
3
IMAMAT 26:3
Lamun maraneh nurut kana pikukuh-pikukuh jeung timbalan-timbalan Kami
Explore IMAMAT 26:3
4
IMAMAT 26:6
Maraneh di eta tanah ku Kami rek dijieun aman santosa, hees jongjon sepi karisi. Sato-sato galakna rek disina jarauh ka maraneh, tur maraneh moal kungsi nyorang perang.
Explore IMAMAT 26:6
5
IMAMAT 26:9
Maraneh rek diberkahan jeung dilobakeun turunan. Kami bakal pageuh kana jangji ka maraneh.
Explore IMAMAT 26:9
6
IMAMAT 26:13
Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir sangkan bebas tina kumawula ka batur. Bangsa anu tadina ngagencet ka maraneh ku Kami geus diancurkeun, maraneh jadi bebas lugina.”
Explore IMAMAT 26:13
7
IMAMAT 26:11
Kami rek terus nyarengan ti Kemah Kami anu suci, moal ninggalkeun.
Explore IMAMAT 26:11
8
IMAMAT 26:1
PANGERAN nimbalan, ”Maraneh ulah nyieun brahala, arca, tugu brahala, atawa ngukir batu keur sesembahan. Kami teh PANGERAN, Allah maraneh.
Explore IMAMAT 26:1
9
IMAMAT 26:10
Saban maraneh panen bakal mucekil cukup satauneun, malah kapaksa kudu miceun sesa supaya hasil nu anyar kawadahan.
Explore IMAMAT 26:10
10
IMAMAT 26:8
Maraneh limaan bakal sanggup ngelehkeun musuh saratus. Maraneh saratus urang bakal sanggup ngelehkeun musuh salaksa.
Explore IMAMAT 26:8
11
IMAMAT 26:5
Hasilna bakal mucekil, gandum bakal nyesa nepi ka usum ngala anggur, anggur bakal nyesa nepi ka usum melak deui gandum. Hayang dahareun naon bae bakal aya di dinya tur maraneh tangtu mulus rahayu.
Explore IMAMAT 26:5
12
IMAMAT 26:7
Sanajan mun kudu ngayonan musuh, maraneh nu bakal unggul.
Explore IMAMAT 26:7
13
IMAMAT 26:2
Jeung masing gumati ngalakonan poe-poe kaagamaan sarta ajrih ka tempat Kami dibakti. Kami teh PANGERAN.
Explore IMAMAT 26:2