1
YESAYA 9:6
KITAB SUCI
LAISUN
Keur pimangpaʼateun urang geus medal hiji murangkalih! Hiji putra pameget, anu bakal mingpin urang. Anjeunna bakal disebut ”Panarosan Ajaib”, ”Allah Perkosa”, ”Rama Langgeng”, ”Raja Kerta”.
Compare
Explore YESAYA 9:6
2
YESAYA 9:2
Bangsa nu lumaku di nu poek narenjo cahaya hibar. Nu caricing di tanah nu hieum ku kalangkang kasorot ku caang.
Explore YESAYA 9:2
3
YESAYA 9:7
Kakawasaanana moal aya tungtungna. Karajaanana bakal aman sapapanjangna. Marentahna bakal sakumaha Raja Daud. Kakawasaanana napak dina bener jeung adil, ti ayeuna nepi ka ahir jaman. Kitu dipastikeunana ku PANGERAN Nu Maha Kawasa.
Explore YESAYA 9:7
4
YESAYA 9:5
Urut pakean balad anu narajangna, anu jaleger ku getih, diduruk.
Explore YESAYA 9:5
5
YESAYA 9:1
Tanah kaom Sebulun jeung kaom Naptali anu ayeuna keur nandang kahinaan, jaga bakal mulya, mimiti ti Laut Tengah beulah wetan nepi ka peuntaseun Walungan Yordan, malah nepi ka Galilea tempat cicing bangsa asing.
Explore YESAYA 9:1
6
YESAYA 9:3
Ku Gusti dipaparin kasenangan, nun Pangeran, dipaparin kabagjaan. Bakal barungah kawas dina keur usum dibuat, jaligrah kawas nu keur babagi barang jarahan.
Explore YESAYA 9:3
7
YESAYA 9:4
Pasangan anu nindih pundukna ku Gusti dipinggeskeun, kitu deui panggitik anu ngagitik taktakna. Bangsa anu ngagencet, nu nyangsara umat Gusti, ku Gusti dibasmi, sapertos kapungkur ngabasmi tentara Midian.
Explore YESAYA 9:4