Anu nyarieun imah bisa dipake ku maranehna keneh, moal dieusian ku jalma lian. Marelak anggur, anggurna bisa kainum sorangan ku nu melakna, moal ku nu sejen. Cara tatangkalan, umat Kami bakal paranjang umurna, bakal bisa metik kaniʼmatan hasil gawena.