Tadina loba jalma anu karageteun barang narenjo anjeunna,
sabab awakna kacida ruksakna, geus meh teu jiga jelema.
Tapi ayeuna!
Bangsa-bangsa mani bengong ku anjeunna.
Raja-raja nepi ka baralem ku helok-helokna,
narenjo perkara anu tadina
can kadenge-denge acan bejana.”