1
YESAYA 42:6-7
KITAB SUCI
LAISUN
”Maneh disaur ku Kami, PANGERAN, diserenan kawasa ngajalankeun kaadilan di dunya. Ku jalan maneh Kami meungkeut perjangjian jeung sakabeh manusa. Ku jalan maneh Kami rek mere caang ka sakabeh bangsa. Anu lolong ku maneh bakal dibeuntakeun, sakitan-sakitan dikaluarkeun ti jero panjara nu poek.
Compare
Explore YESAYA 42:6-7
2
YESAYA 42:8
Allah maneh teh ngan Kami, PANGERAN. Kaagungan Kami moal dibagikeun ka saha-saha, Kami moal ngantep arca kabagi kamashuran Kami.
Explore YESAYA 42:8
3
YESAYA 42:1
Timbalan PANGERAN, ”Ieu abdi Kami, beunang Kami ngukuhkeun, beunang milih, cocog jeung lelembutan, jeung geus dieusian roh Kami. Tangtu adil ka sakabeh bangsa.
Explore YESAYA 42:1
4
YESAYA 42:3-4
Moal nepi ka miteskeun kaso anu geus ngulapes, moal mareuman palita anu hurungna geus kakalincesan. Jembar adil ka sakabeh, sarta moal barobah. Moal leutik hate atawa leungit kawani, nanjeurkeun kaadilan di bumi. Pangajaranana dipikabutuh ku nagri-nagri nu jarauh.”
Explore YESAYA 42:3-4
5
YESAYA 42:16
Umat Kami anu lalolong rek ditungtun ka jalan anu ku maranehna tacan kasorang. Dunyana nu poek rek disina caang. Tincakeunana anu garokgek rek disina rata. Kitu jangji-jangji Kami, nu geus pasti dilaksanakeun.
Explore YESAYA 42:16
6
YESAYA 42:9
Perkara anu diwejangkeun ku Kami, ayeuna geus bukti. Ayeuna Kami rek ngadawuhkeun perkara anyar, sanajan eta tacan ngajadi.”
Explore YESAYA 42:9