Bisa, asal bener ucap jeung lampah. Ulah jahat ka nu malarat kena-kena kuat, ulah beunang kasogok ku pangruruba. Ulah sapongkol jeung nu boga niat maehan atawa jeung nu boga kalakuan jahat lianna. Lamun kitu geus tangtu maraneh salamet, bakal aman kabina-bina lir aya di jero benteng anu tohaga tur cukup dahareun jeung inumeun.