1
YESAYA 30:21
KITAB SUCI
LAISUN
Mun maraneh nyimpang ka kenca atawa ka katuhu, Mantenna bakal ngagentraan ti tukangeun, ”Ieu jalanna, tuturkeun!”
Compare
Explore YESAYA 30:21
2
YESAYA 30:18
Sangkilang kitu ge maraneh mo burung dihampura ku PANGERAN, mo burung diajeng-ajeng jeung dipikawelas, da Mantenna mah dina sagala perkara bener sapapanjangna. Bagja sakur anu nyalindung ka PANGERAN.
Explore YESAYA 30:18
3
YESAYA 30:15
PANGERAN Nu Maha Agung, Allah Israil nu suci, nimbalan kieu ka eta umat, ”Geura baralik ka Kami, pihapekeun diri ka Kami, tan wande maraneh kuat jeung reugreug.” Tapi maraneh arembung!
Explore YESAYA 30:15
4
YESAYA 30:20
Maraneh bakal disorangkeun kana jaman anu werit, tapi bakal diaping jeung dipaparin pituduh ku Pangeran. Jadi maraneh teu kudu culak-cileuk neangan Mantenna.
Explore YESAYA 30:20
5
YESAYA 30:19
Maraneh anu di Yerusalem moal ceurik-ceurik deui, PANGERAN anu ngalilipur. Ana maraneh sasambat ka Mantenna tangtu didangu.
Explore YESAYA 30:19
6
YESAYA 30:1
PANGERAN geus ngadawuh: ”Cilaka anu marentah di Yuda! Ngaralawan ka Kami! Marake tarekah lain ti Kami, nanda perjangjian anu teu cocog jeung Kami, nambah-nambah bae dosa.
Explore YESAYA 30:1