1
YESAYA 25:1
KITAB SUCI
LAISUN
Nun PANGERAN, Gusti teh Allah abdi, abdi seja ngahormat ka Gusti sareng muji jenengan Gusti. Gusti parantos midamel nu araheng. Parantos ngabuktoskeun sagala anu dipastikeun ti kapungkurna.
Compare
Explore YESAYA 25:1
2
YESAYA 25:8
PANGERAN Nu Maha Agung bakal numpes ajal maot sina sirna salalawasna! Cipanon ku Mantenna bakal disusut ti unggal panon, sarta umat-Na anu hina jeung sangsara di sakuliah dunya bakal dijait. Kitu timbalan PANGERAN ku manten!
Explore YESAYA 25:8
3
YESAYA 25:9
Lamun eta geus kajadian, saban jalma bakal ngucap, ”Mantenna teh Allah urang! Urang anu percaya ka Mantenna geus disalametkeun. Mantenna teh PANGERAN! Urang anu percaya ka Mantenna tinggal senang jeung bagja, sabab geus dirahayukeun.”
Explore YESAYA 25:9
4
YESAYA 25:7
Ti dinya Mantenna bakal ngadadak nyingkahkeun mendung kasedih anu ngauban bangsa-bangsa.
Explore YESAYA 25:7
5
YESAYA 25:6
Di dieu, di Gunung Sion, PANGERAN Nu Maha Kawasa bakal ngajamu sakabeh bangsa sadunya. Sisihanana bangsa utama, anggurna nu panghadena.
Explore YESAYA 25:6