Sanggeus Asdod karebut, PANGERAN ngandika, ”Tilu taun Yesaya abdi Kami hirupna teu make pakean, teu ditarumpah-tarumpah acan, eta pikeun ngagambarkeun nasib anu bakal karandapan ku Mesir jeung Sudan. Jalma-jalma di eta dua nagri, kolot jeung budak bakal jaradi tawanan sarta ditawan ku raja Asur, sajajalan tararanjang, biritna barorete jeung teu ditarumpah-tarumpah acan, matak aeb ka Mesir.