1
YESAYA 11:2-3
KITAB SUCI
LAISUN
Anjeunna ku Roh PANGERAN bakal dipaparin hikmah, elmu jeung kapinteran pikeun ngatur rahayatna. Ka PANGERAN bakal ngabdi, ngamulyakeun, tumutna reujeung sukana. Mutus perkara moal satingal-tingalna, moal sadangu-danguna.
Compare
Explore YESAYA 11:2-3
2
YESAYA 11:1
Baris turunan Raja Daud lir tangkal nu geus dituar. Tapi sakumaha tina tunggul sok bijil sirung anyar, nya kitu keneh ti antara turunan Daud bakal muncul raja anyar.
Explore YESAYA 11:1
3
YESAYA 11:4
Adil asih ka nu miskin, bumela ka nu sangsara. Timbalanana kawasa nerapkeun hukum, jalma jahat tanwande dihukum pati.
Explore YESAYA 11:4
4
YESAYA 11:5
Ngatur rahayatna bakal jujur sahinasna.
Explore YESAYA 11:5
5
YESAYA 11:9
Di Sion, gunung PANGERAN nu suci sepi anu niat jail, moal aya anu niat jahat. Sakuliah tanah bakal pinuh ku kanyaho ka PANGERAN, lir laut pinuh ku cai.
Explore YESAYA 11:9
6
YESAYA 11:6
Ajag jeung domba hirup rukun babarengan, maung jeung anak embe darepa reureujeungan. Anak sapi nyatuan bareng jeung anak singa, diangon ku barudak.
Explore YESAYA 11:6
7
YESAYA 11:10
Mangsa harita, eta raja anyar turunan Daud ku bangsa-bangsa bakal dijieun lambangna. Di kota karajaanana bangsa-bangsa karumpul jeung ngamulyakeun.
Explore YESAYA 11:10