1
HABAKUK 1:5
KITAB SUCI
LAISUN
Ti dinya PANGERAN ngandika ka umat-Na, ”Awaskeun ku maraneh bangsa-bangsa sakurilingeun maraneh. Engke maraneh bakal heran nenjona. Kami rek migawe hiji hal anu hese dipercayana ku maraneh upama ngan ngadenge caritana.
Compare
Explore HABAKUK 1:5
2
HABAKUK 1:2
Nun PANGERAN, kedah sabaraha lamina abdi sasambat nyuhunkeun pitulung, dugi ka Gusti kersa ngadangu sareng nyalametkeun abdi sadaya tina katelengesan?
Explore HABAKUK 1:2
3
HABAKUK 1:3
Ku naon abdi dugi ka kedah ningal kaayaan nu sakitu jahatna? Naha Gusti kiat ningali kalakuan jalmi-jalmi sakitu arawonna? Di sakurilingeun abdi mung aya kareksakan sareng kakerasan, di mana-mana jalmi-jalmi garelut, parasea.
Explore HABAKUK 1:3
4
HABAKUK 1:4
Hukum taya dayana, taya damelna, kaadilan henteu jalan. Jalmi jahat disebat bageur. Kaadilan parantos tibalik.
Explore HABAKUK 1:4
Home
Bible
Plans
Videos