Harun tuluy ngadamel hiji altar, diadegkeun hareupeun eta sasapian emas, tuluy ngembarkeun kieu, ”Isukan kudu pesta, ngagungkeun PANGERAN.” Isukna isuk-isuk keneh jalma-jalma geus rabul marawa sasatoan, sawareh keur kurban beuleuman, sawareh deui keur dijieun dahareun pikeun kurban panarima. Brek jalma-jalma dariuk, tuluy pesta curak-curak nyaratu nginum, pestana robah jadi borak-borak jeung cabul.