Ku kawasaning Allah ku manten, urang geus dipaparin sakur nu perlu, supaya bisa hirup kalawan saregep ibadah, tina sabab geus terang ka Yesus Kristus anu nyaur urang supaya kamulyaan jeung kasaeana-Na tumerap ka urang. Ku jalan kieu, kurnia agung anu mulya kabina-bina anu dijangjikeun ku Mantenna, geus dipaparinkeun ka urang. Nya ku karana kurnia ieu aranjeun luput tina sagala pangaruh ieu dunya anu ngaruksak, sarta aranjeun geus katerapan ku sipat-sipat ilahi.