”Sing taleger, sing galede hate, ulah sieun ku raja Asur sabaladna. Urang teh dibanding ku kakuatan anu leuwih ti itu. Kakuatan itu kakuatan manusa, kakuatan urang mah salira PANGERAN, Allah urang, anu bakal mitulung ka urang, mangmerangankeun.” Ngadarenge panglelemu rajana kitu rahayat taleger hatena.